ganjarkurnia.unpad.ac.id


Ganjar Kurnia

SAJAK SAJAK SUNDA

Posted in Sajak-sajak Sunda by Ganjar Kurnia on the February 3rd, 2007

I
Gerem

Sanajan dibekem
Masih bisa ngagerem

Gerem leuwih rosa
Batan heurasna carita

Sanajan ditemprang
ditengkas
kuda-kuda istiqomah
nanceb
dipaseuk alif mim kalimah syahadah
nu dijiadkeun kana embun-embunan
mangsa waruga, anyar
pinanggih jeung alam pawayangan

kakawasaan bisa nandasa raga
ngakaya jiwa
tapi mo bisa ngagunasika pikiran mardika:
rohna ngalalana, nyusupkeun
geter –geter sungapan kamanusaan
kana
unggal sungsum
unggal renghapan

hiji ditandasa
mangyuta ganti
antri
ngeupeul peureup nembang durma
nyingraykeun kapetengan
(more…)